Wanoja Di Jero Kareta

Di gerbong kareta kelas ekonomi, rebuan leungeun rantuy, bau kelek nu cikruh ku kesang, meleber madukan liang irung nu rarebeh, pasrah. Tukang asong pabuis, cing seleket, sorana raeng, siga jogjog manggih isuk."Abong karcisna mung ukur sarebu ! mani pagelek-gelek nya ! Kang ?" aya sora,nu halimpu,meupeuskeun lamunan. Ret kagigir ngudag asal sora. Seredet ...hate jadi ngageter, wanoja geulis, maledog ku imut meni leleb naker.Ngobrol uplek jeung manehna, babauan ngadadak leungit. "Punten Abdi mah Lungsur di dieu Kang ! " ceuk manehna semu gura giru. Hate mah bati mentegeg. Awak nu sampulur turun tuturubun ,di stasion Andir, di jajap ku teuteup, nepi ka ngilesna .Diuss ..., Kareta nyemprung deui muru stasion Bandung, lelembutan mah masih masket ka manehna. " Karcis... Pa !! " , ceuk kondektur bari namprakeun leungeun. Gebeg ...hate ngaleketey, leuleus taya tangan pangawasa.Dompet uing, nu metet ku duit, geus euweuh na saku. Beungeut wanoja geulis ngolepat semu nyeungseurikeun. Uing ukur bisa meungpeukan liang irung, da ayeuna mah sagala babauan teh jadi ka ambeu deui.